Mapay mapay tapak nu kisruh
Maruluh cinta salingkuh
Geterkeun kereteg hate
Nyisir nyisir kabar teu hade
Lain heureuy ning lain gunjing
Mun diteureuy duh meni getir
Hubungan anjeun geus jauh
Siga kapal nu ti kelebuh
Anjeun jujur ngaku salingkuh
Cinta ka abdi geus teu puguh
Anjeun tetep milih manehna ngorbankeun sagalana
Dibohongan aduh nyeri nyeri
Dijujuran gening leuwih nyeri
Asa kabentar kagusur lahar
Peurih meurih getir hate
Disalingkuhan aduh nyeri nyeri
Diputuskeun gening leuwih nyeri
Kaelehkeun kasisihkeun
Harga diri diragragkeun
Aduh pait kajujuran
Leuwih pait tikabohongan
Najan panungtung kapalsuan
Moal moal kaubaran
Aduh pait kajujuran panungtung cinta urang duaan
Kasedihan kapikiran sapanjang jaman
Lain heureuy ning lain gunjing
Mun diteureuy duh meni getir
Hubungan anjeun geus jauh
Siga kapal nu ti kelebuh
Anjeun jujur ngaku salingkuh
Cinta ka abdi geus teu puguh
Anjeun tetep milih manehna ngorbankeun sagalana
Dibohongan aduh nyeri nyeri
Dijujuran gening leuwih nyeri
Asa kabentar kagusur lahar
Peurih meurih getir hate
Disalingkuhan aduh nyeri nyeri
Diputuskeun gening leuwih nyeri
Kaelehkeun kasisihkeun
Harga diri diragragkeun
Aduh pait kajujuran
Leuwih pait tikabohongan
Najan panungtung kapalsuan
Moal moal kaubaran
Aduh pait kajujuran panungtung cinta urang duaan
Kasedihan kapikiran sapanjang jaman
==========================================
Pemberitahuan/Notice: Situs blog ini tidak menyediakan Download Mp3. Dan lirik lagu ini sepenuhnya hak cipta pemiliknya seperti penulis, artis, dan label yang bersangkutan.
0 Komentar untuk "Lirik Paitna Kajujuran - Yulidaria"